Pangjajap
Assalamualaikum WR. WB.
Puji sinareng sukur hayu urang panjatkeun kahadirat Allah SWT, anu tos masihkeun kaurang sadaya nikmat iman, nikmat islam, sareng nikmat sehat.
Shalawat sinareng salam mugia tetep kacurahkeun ka jungjunan nabi agung Nabi Muhammad SAW kanggo kulawargina, para sohabatna, sareng urang anu jadi umatna anu insya Allah taat kana sagala ajarannana. Amiin…
Alhamdullih abdi didie tiasa ngadamel tugas ti ibu/bapak Guru, mugia ieu laporan tiasa ditampi ku ibu/bapak Guru.
Abdi ngadamel resensi ieu kanggo nambihan ilmu abdi sareng kanggo ngalaksanakeun tugas B. Sunda.
Abdi haturkeun ieu laporan resensi buku sunda, mugia laporan ieu tiasa ditampi ku Bapak mata pelajaran B. sunda, kana raraga ngenaan tugas mata pelajaran B. Sunda.
Judul buku : INDUNG
Pangarang buku : Aam Amali
Panerbit buku : Sastrawati Sunda
Kandel buku : 4 Kaca
Indung
Carpon ieu teh nerangkeun susah payahna hiji indung ngurus jeung ngadidik anakna, amant tina eta carpon nyaeta “urang dina ngadidik jeung ngurus barudak teh kudu bener-bener sangkan engke barudak teh cager bager jeung pinter”.
¨¨¨
Harita teh kaayaan lembur halodo, atuh teu aneh saupama taneh nu di sapukeun teh sakitu ngebulna, cai saraat, tatangkalan gararing jeung ngarangrangan. Untung halodo teh teu lila, dating hujan, sok sanajan ngan saparalak.
Kuring nempo tina jandela, Maman jeung budi keur nyapukeun pakarangan, meni sregeut pisan digarawena teh, padahal nu biasa nyapukeun halaman mah Tita jeung Ahmad, ngan harita maranehna keur sakola. Sakapeung kuring sok ngaras era ku Ema nu sakitu rajinna, ari kuring sorangan eweh gadag pisan, tapi rasa era teh sok kaupahan ku cariosan Ema nu lemah lembut.
Waktu Maman keur anteng sasapu, manehna gogorowok tarik pisan jiga nu bungah, singhoreng teh manggihan duit saratus perak, kuring ngarasa heran waktu Ema siga dongko di handapeun tangkal cengkeh, teuing nyimpeun naon, selang ti Ema dongko dina handapeun tangkal cengkeh, ngagarowok teh Budi siga nu atoh pisan, bebeja yen manehna ge nimu duit saperti Maman tina dekeut tangkal cengkeh. Kuring ngarasa surti kana tingkah polah Ema sapertos kitu. Eta panginteun nu di sebat ngadidik murang kalih sacara teu langsung teh.
¨¨¨
Dina sadaya karya tulis pasti aya alus sareng henteuna, di ieu carpon aya ka alusna cek abdi ka alus dina carpon ieu nyaeta, amanat dina ieu carpon alus pisan nerangkeun supaya urang tiasa terang kumaha cara ngadidik budak anu bener, tina pemilihan watak oge pas pisan Ema watakna kacida tabahna jeung getol, Kuring dina eta carpon watekna pangedulan, watek Tina jeung Ahmad embung eleh ku batur, Watek Maman jeung Budi sabar jeung wekel. Galur caritana oge sae gampang kaharti.
¨¨¨
Sanajan aya kalewihanna ieu carpon oge aya kakuranganna, cek abdi mah kakuranganna carpon ieu nyaeta, basa atawa kata tina ieu carpon teh seur nu hese di hartikeun ku abdi, teras teu aya kajelasan dimana latar tempat ieu carpon teh.
¨¨¨
0 komentar:
Posting Komentar