Selasa, 17 Mei 2011

Mandirancan teh asalna ti kecap mandi sareng rancan.
Mandi nyaeta : matih atawa ampuh
Rancan nyaeta : rencana
Janten mandirancan nyaeta
- Desa anu ngabogaan rancana
- Balong tempat mandi nu matih jeung kasaktian
Buyut neke jeung buyut dukuh ngadamel saluran-saluran cai, jalan-jalan jeung saajabana. Buyut neke ngagaduhan minantu anu namina buyut tumenggung kuning anu dipasihan gelar buyut tunggul kadu anu asalna ti Cirebon.
Hasil nikahan eta teh ngalahirkeun buyut tanjung kamuning, sabab kasaktiannana buyut tanjung kamuning teh dipasihan gelar buyut sirnabaya.
Buyut sirnabaya gaduh bujang lalaki ti luar desa (sindang laut) nu nepi ayena sok di sebat buyut lurah.
Buyut lurah teh asalna ti mataram, buyut lurah ka kuningan ngilari padamelan,buyut lurah patepang sareng buyut tanjung kamuning, teras ku buyut tangjung kamuning teh ditaros “anjeun kadiu bade naon”, buyut lurah ngajawab abdi kadie bade ngilari pagawean.
Teras ku buyut tanjung kamuning teh buyut lurah ditawaran gawe di rompokna (jadi anu ngabantu buyut tangung kamuning di rompok).
Buyut lurah teh gawe di ropmpok buyut tanjung kamuning sampe te ngagaduhan istri atawa rubiah.
Buyut tanjung kamuning amant ka istri sreng anakna, sing si bapa ninggal tos kuburan bapak mah tong di sasae gera saekeun eta kuburan si lurah jeung gera puja-puja (doaan).
Nyampe ayena kuburan buyut lurah mah lewih sae ti kuburan buyut tanjung kamining jeung seur nu ngalayad ka makam buyut tanjung kamuning, merun eta anu nyebabkeun kajadian kieu teh

0 komentar:

Posting Komentar